Kutawaringin Kawasan Olahraga Terpadu


Headline

Jl. Raya Soreang-Cipatik KM. 5,8
Email: kutawaringin@gmail.com
Phone/Fax: +62 22 85873789

Kutawaringin

29 Mei 2009

Saha Nu Wani Balap Mobil di Cangkuang-Palasari

Punten pisan Pa Camat Kutawaringin abdi ngiring ngaririweuh, gaduh dongeng yeuh nu teu acan lami kaalaman ku abdi............

Sawatara minggu ka tukang sim kuring aya kaperluan ka Dayeuhkolot. Pamikir teh kusabab loba bawaeun kuring nginjeum mobil babaturan. Manehna mah jalma aya jeung berehan. Teu loba carita kuring di bere nginjeum mobil, kabeneran mobil nu nyampak di imahna teh mobil sedan. Rada paur jeung era ari kudu mawa sedan mah tapi dalah dikumaha kuringna keur butuh pisan.

Kuring buru-buru indit, kusabab hayang gancang nepi kuring make jalan cangkuang-palasari. Pamikir teh ari jam sapuluhan beurang mah jigana rada lenglang jalan teh sabab pagawe pabrik geus arasup gawe.

Tapi jauh tina sangkaan, anu tadina dikira-kira paling oge meakeun waktu 30 menit geuning geus 2 jam can nepi-nepi. Lain pedah macet atawa jarakna anu jauh tapi ieu mah gara-gara kuring jiga anu keur "touring" lewat ka jalan satapak. "Sumur jeung walungan" di tengah jalan sapanjangna di hias ku batu-batu anu lumayan baradag. Purilit kaditu purilit kadieu, leungeun kuring pakupis muter-muter setir, lain rek parkir tapi ieu mah keur neangan jalan tincakeun anu rada meueusan, bari jeung euweuh oge.

Angkleung-angkleungan kurang leuwih 2 jam kuring di gojlog di "kawah candradimuka (ngan bentukna wae jiga mobil sedan)" nepikeun ka ti babaranting (untung naek mobil teh persiapan heula mamake helm, jadi sirah mah salamet keneh teu nepikeun ka geger otak). Antukna nepi ka Palasari.

Bungah aya hate teh tapi bingung oge aya. Bungahna kuring lulus tina Ujian "Ranjau Jalan", bingungna kuring kudu ngajual sawah saha deui atawa ngajual jalan anu mana keur ngagantian karuksakan mobil. Da geuningan ari sawah batur di jual ku kuring mah euweuh nu daekeun meuli. Rek wawanianan ngajual jalan Kabupaten Bandung di murah mareh ge euweuh nu daekeun, basana teh "atuh di pake melak lauk ge ari teu di pager mah sieun aya nu maok". Eta mah jalan di saruakeun jeung balong, aya....aya.... wae!!!!.

Ngan kuring ka-ideu-an ku perjalanan harita, ah rek ngayakeun lomba wae keur nu baroga mobil sedan nyaeta Lomba balap ti Cangkuang nepi ka Palasari Dayeuhkolot. Biaya pendaftaran Rp. 100.000 Hadiah kahiji Rp. 1.000.000 kadua Rp. 750.000 katilu Rp. 500.000.

Geus bungah yeuh manggih solusi, tapi basa ngobrol jeung urang dinya-na. "ulah ngimpi, dalah haratis jeung hadiahna gede oge moal aya nu daekeun, mobil sedan paburencay mah ngabenerana oge moal cukup sa-Juta". Bingung deui wae..........

Ka Pa Camat Dayeuhkolot kumaha yeuh kuring bingung kudu ngajual naon deui atawa kudu nyieun "event" naon anu ngahasilkeun duit keur meneran mobil sedan babaturan....???

Sabenerna mah sapanjang jalan Cangkuang-Palasari pabrik wungkul, naha teu mampuh pabrik anu sakitu baradagna ngabeneran jalan di masing-masing hareupun pabrikna? (hayu ah... pikiran kusarerea...)

Pengirim Hendra TCI, xxxx@gmail.com

Comments :

4 komentar to “Saha Nu Wani Balap Mobil di Cangkuang-Palasari”

Hendra Soreang mengatakan...
on 

Tong boro meresan jalan kab bandung mah, keur ngurus pagawena ge ayeuna engap-engapan. Bisi teu percaya dagoan sabulan deui geura, di gerbang pemda anu hareup bakal aya plang "SEMUA GEDUNG, ASET BESERTA PEGAWAINYA BAIK YANG DI DALAM KOMPLEK MAUPUN DI LUAR, DIJUAL DENGAN SEGERA, TANPA PERANTARA. HUBUNGI NO. 589XXXX

Galih Prasetya mengatakan...
on 

Lamun teu ribet mah aturanna, sabenerna pabrik leuwih antusias iuran keur meneran jalan, asal marenehna diringankeun mayar pajak. Pabrik leuwih sumanget lamun duitna bener-bener dipake tur katingali hasilna. Ayeuna mah lamun pabrik di penta iuran meneran jalan paling2 maranehna ngomong "Apanan Urang geus bayar pajak, memangna duit pajak urang di pake naon kitu?". Pan bingung Jawabna....

Anonim mengatakan...
on 

Di Plang penjualan di handapna aya tulisan laleutik "saat ini kami membutuhkan biaya dana tambahan untuk bayar TPP dan Tunjangan Daerah Pegawai Kami untuk mencegah gejolak Pegawai Kami yang katanya mau Demo, mohon bantuannya...."

Komenk mengatakan...
on 

Jadi lamun kitu mah Pemkab Bandung di ambang krisis, ceuk togmolna mah "BANGKRUT" meureun nya??? ulah kitu ah... urang ge pagawe wakakakakakakak.......

Posting Komentar

Pengikut

Sponsor

 

Copyright © 2009 by Kecamatan Kutawaringin Powered By Blogger Design by ET