Punten seja nyuhunkeun widi pa Camat, kuring ngiring baceo...........
Geus tanggal hiji deui yeuh. Teu karasa waktu teh nyerelekna. Kuring indit ka Bank Jabar Banten rek nyokot gajih bulan ieu. Kuring indit ka Bank teh leumpang da deukeut ti kantor kuring mah. Nepi ka Bank kuring langsung ka ATM, ngantri teh rada lila soalna ayeuna mah gajih teh bisa di cokot di ATM. Hampir sakabeh pagawe Pamarentah Kabupaten Bandung baroga ATM Bank Jabar sabab ayeuna mah Gajih teh ku bendahara di transfer ka Bank Jabar.
Kurang leuwih 20 menit kuring ngantri, ayeuna giliran kuring. Geus dikira-kira kuring meunang sesa gajih sabaraha, da tiap bulan ge sarua wae tara leuwih ti Rp. 500.000. Kuring seuri leutik sabab tutulisan di slip gajihna mah gajih kuring teh leuwih ti 2 juta perak.
Balik teh langsung deui wae ka kantor......... angger leumpang........... da deukeut (anu pasti mah kuring geus teu boga motor, bulan kamari di cokot ku leasing........ geus teu kabayar... wakakakakakak....).
Sapanjang jalan hate galecok sorangan mikiran iraha kuring rek narima gajih anu euweuh potongan salian ti gajih ka tiluwelas? Teu karasa geuning geus hampir 15 taun kuring can pernah narima gajih anu teu di potong. Ah.... teuing... jangar AING MIKIRANANA OGE.
Tapi hal kieu teh sabenerna lain ngan kuring wungkul, tapi hampir kabeh PNS tug nepi ka TKK euweuh nu teu di potong gajihna. Boh ku Bank Jabar atawa BPR komo koperasi RRKR mah.
Lain nya euy dipikir-pikir lamun urang sakali wae nginjeum duit ka Bank Jabar hampir dipastikeun urang moal lunas-lunas ngahutang teh. Ieu mah pangalaman kuring 15 taun katukang, nginjeum ka Bank Jabar teh keur meneran imah teu gede harita mah ngan ukur 15 juta 5 tauneun. Geus diitung-itung pangabutuh teh nganukur sakitu. Harita kuring munggaran pisan nginjeum jeung salahna kuring teu tatanya ka anu GEUS KAHOT ngahutang ka Bank Jabar, nya bisa disebutkeun pakar-na wae meureun. Anu di ajukeun 15 juta teh ngan katarima kurang leuwih 13 juta. Atuh kabutuhan anu 15 juta teh kurang keneh 2 juta anu ceuk ukuran kuring mah eta duit anu cukup badag. Daek teu daek keur nutupan kakuranganna kuring nginjeum ka Koperasi RRKR 2 juta. Eh......... di koperasi ge sarua wae, ngajukeun 2 juta katarima nateh teu jejeg deui wae, tapi poho deui harita narima sabarahana mah geus lila teuing.......
Mayar hutang teh karek 3 taun rarasaan mah geus datang deui wae pangabutuh teh. Budak anu cikal hayang kawin, jaba nu panengah rek asup sakola. Rada gede yeuh pangabutuh teh. Harita kuring ngajukeun deui injeuman teh 30 juta. Tapi ku gajih kuring harita, Bank Jabar ngan bisa mere 26 juta jangka waktuna 8 taun. Potongan 500 rebu........ ditambah potongan koperasi, di itung sesa gaji teh.................. angger wae 500 rebu perak.....
Pamikir teh teu nanaon dibere 26 juta oge susuganan cukup. Tapi kuring ngenes deui wae sesa hutang anu 2 taun can dibayar tetep diitung jeung bungana. Ceuk patugas Bank Jabar babasaana teh "Pa itungan di Bank Jabar mah lamun kontrakna 5 taun, ayeuna nginjeum pageto di bayar ge tetep di itung 5 tauneun". Itungan jaman harita 5 taun teh hampir 100% bungana teh. Jadi lamun ayeuna nginjeum 15 juta kontrak 5 tauneun terus pagetona urang boga duit rek ngalunasan, tetep wae urang kudu mayar hampir 30 juta.......... kacida nya..........
Ari nu ngaran jelema hirup nya... teu jauh ti pangabutuh.... karek oge jalan 4 taun pangabutuh teh datang deui. Hayang meuli sawah di lembur tadina mah supaya engke pangsiun teu lieur-lieur teuing keur dahar sapopoe. Gidig deui wae ka Bank Jabar. Rencana teh rek nginjeum deui 30 juta mah. Barang datang ka Bank jabar langsung ka lantai 2, ka bagian kredit. Ayeuna mah samemeh nginjeum tatanya heula.... lamun nginjeum 30 juta bisa katarima sabaraha? Jawab patugas bagian Kredit "Sesa hutang 15 juta potongan itu jeung ieu kurang leuwih 2,5 juta jadi anu katarimana kurang leuwih 12,5 juta". Untung wae pangabutuhna nu ieu mah bisa di engke keun. Daripada duit nu katarima teu kaditu kadieu kajeun BEDO kuring mah........ Kumaha tah lamun kabutuhan eta teh teu bisa di engkekeun misalna wae ka rumah sakit..... Tangtuna ge pasti tambah JANGAR.......... sirah teh....
Ieu pangalaman kuring teh lenyepaneun sarerea. Naon sababna Pagawe Nagri anu geus sakali nginjeum duit ka Bank Jabar hese pisan leupasna?
Ari ceuk si Borokokok mah solusi hiji-hijina mah "MONTONG ngahutang". Tapi si Eusleum mah memangna panghasilan Aing teh badag? sedengkeun pangabutuh ku jaman ayeuna mah teu bisa pisan di ajak badami......!!! Nya jalan anu ilahar ku Pagawe Nagri di lakukeun iwal ti ngahutang ka Bank Jabar.
Lain nya euy...... Seug lamun Bank Jabar jiga BUMN, apanan BUMN mah aya program PKBL (Program Kemitraan dan Bina Lingkungan). PKBL teh nyaeta injeuman lunak keur masyarakat anu asal dana-na tina sabagian untung Pausahaan BUMN eta. Bungana oge matak helok tukang Ngahutang atuh, 6% sa-taun.
Memang Bank Jabar teh jigana mah lain Bank Pamarentah (tapi kateuing ketang..... eta mah jigana), tapi lamun di pikir-pikir Bank Jabar teh bisa gede kujalaran loba PNS anu nginjeum ka eta Bank malah mah duit Pemda oge anu sasatna duit Pagawe jeung Rahayat di itung-itung mah badag pisan jumlahna, bisa ratusan Miliyar (lamun di teundeun di imah kuring mah jiga na moal cukup, di itung ku kalkulator oge kalah ka error kalkulatorna bakating ku loba teuing angkana). Kuring pernah ngobrol jeung pangusaha, urang teh sacara teu langsung cenah mah sarua jeung boga saham, jadi wajar lamun keur urang-urang aya karinganan.
Mudah-mudahan nya ka hareupna mah, aya kainget ka urang-urang.... Anu milu ngadekeun eta Bank. Jajauheun ka babagi untung mah, ku nurunkeun bunga jeung ngabedakeun sistim nginjeum na oge (ulah sistim kontrak) keur urang-urang mah pagawe leutik asa kabantu pisan sok komo keur para patani mah. Da sarua maranehna oge malayar pajeg anu sup na teh ka Bank eta keneh da keur mayar Gajih pagawe...........
Punten ah.......... bilih ieu di anggapna payun teuing...., da ieu mah mung sakadar kereteg hate kuring wungkul.............
sam- xxxx@gmail.com

Comments :
0 komentar to “HUTANG KA BANK JABAR BANTEN IRAHA BERESNA NYA.........???”
Posting Komentar